Kudu
pengheuyeuk-heuyeuk lengeun paantay-antay
Kudu
pangheuyeuk-heuyeuk lengeun paantay-antay teh pami basa indonesiana teh gotong
royong. Gotong royong oge nyaeta mangrupakeun salah sahiji budaya ti masyarakat
indonesia nu nyerminkeun kahijian sareng kakaluargian. Gotong royong teh
diartikeun damel sasarengan kanggo ngawujudkeun hasil nu dipikahoyong. Gotong royong teh asal kecapna ti gotong = damel, royong = sasarengan.
Gotong
royong teh biasana dilakukeun ku masyarakat di padesaan sapertos ngalereskeun
sareng ngabersihkeun jalan, ngebangun sareng ngalereskeun rorompok warga.
Sedangkeun di masyarakat kota tiasa di tingali ti nu kerja bakti di RT/RW,
disekolah sareng di kantor-kantor. Dinu kagiatan ieu masyarakat damel
sasarengan teu ngarepkeun upah, kusabab kanggo kapentingan sasarengan. Tinu
kagiatan ieu nimbulkeun rasa kabersamaan, kakaluargian, silih nulungan,
kukitana tiasa ngabina rasa persatuan sareng kasatuan diantawis warga.
Gotong
royong mangrupakeun salah sahiji ciri khas bangsa indonesia, kusabab gotong royong ieu teu
bisa kapanggih di nagara sareng bangsa séjén. Roh
gotong royong ieu disetir ku ide nu manusa
teu hirup sorangan, manusa hirup di masarakat dina
lingkungan sosial nu gumantung ka
batur ku kituna manusa
kudu ngajaga alus
hubungan sareng nu séjénna tur kudu
ngaluyukeun ka lingkungan.